Arsip

Archive for the ‘Sunda | Umum’ Category

Kenalan Sama Arafa Tea

Arafa Tea

...not enough a cup of coffee...

Hari ini saya kedatangan tamu dari Surabaya, salah satu teman kuliah saya berlibur ke Bandung. Pagi-pagi jam 6 saya jemput dia ke stasiun masih dengan muka bantal dan hasrat tidur yang menggebu-gebu. Sesampainya di kosan saya dan dia ngobrol-ngobrol bentar dan jreng..jreng..kami tidur lagi. Ha ha. Wajar saja dia capek dan ngantuk karena baru saja menempuh perjalanan kurang lebih 12 jam dengan kereta Mutiara Selatan.

Kami berencana keluar setelah Duhur namun rupanya cuaca berkata lain, kami tidak bisa kemana-mana dan terjebak di kamar kosan karena hujan terus-menerus turun sepanjang hari. Siang hari saya membuat bihun sarden serta menggoreng tempe dan telur dadar untuk makan siang. Akhirnya kami baru bisa keluar kosan setelah magrib, padahal kami sudah siap pergi sejak habis Ashar.

Tujuan pertama adalah ke rumah pemilik usaha Arafa Tea. Jadi ceritanya si Devi  teman saya ini adalah pecinta segala macam tentang green tea seperti saya, dia sudah berencana membeli…

View original post 391 more words

Katagori:Sunda | Umum

5 Poé di Surabaya Ngiringan Rakernas Relawan TIK jeung Festival TIK 2013 #2

sambungan ti bagéan #1

Di jero karéta Turangga tujuan Surabaya, Tim Relawan TIK Jabar (Kuring, kang Riksa, kang Elsen, néng Diana, jeung néng Erna) mosisikeun diuk di korsi masing-masing, sesuai tikét.

Kuring diuk ngarendeng jeung kang Elsen, néng Diana jeung néng Erna, sedengkeun kang Riksa diuk nyorangan. Karéta Turangga meluncur ka Surabaya pas jam 20.00 WIB.

Read more…

5 Poé di Surabaya Ngiringan Rakernas Relawan TIK jeung Festival TIK 2013 #1

image

Angkat ti bumi di Kampung Sekebuluh Desa Ciburial tabuh 18.30 WIB (ba’da Magrib). Nyimpang heula di puncer tanjakan, bari leleson saatos nikreuh nanjak meuntas Jalan Raya Resort Dago Pakar. Di puncer tanjakan ngahaja cicing heula da boga janji, jeung salah saurang rélawan #DeMIT (Desa Melek IT) Desa Ciburial anu nyanggupan mancén tugas. Aya dongeng aheng tur moal bisa dipohokeun di eta puncer, keun we ngan saukur kuring jeung si manehna hungkul nu apal.

Read more…

Tukul Arwana Hayang Urang Désa Paham Internet

7 Nopémber 2011 1 comment

Saha jelema anu panglobana ngapromosikeun laptop sacara umum, jawabannya meureun lain agen promosi produk-produk éléktronik, tapi Tukul Arwana.

Enya, salah sahiji kecap-kecap anu pohara dipikawanoh ku masarakat lega ti pelawak kasebut nyaéta “kembali ke laptop” anu mindeng diucapkannya waktu jadi host dina hiji acara di télévisi Trans7 saban peuting. Tapi Tukul ogé weruh yén masarakat di pilemburan ayeuna arang kénéh anu ngagunakeun laptop.

Read more…

Bewara ti Anu Ngurus Ieu Blog

18 Désémber 2009 Tunda talatah

Kumargi simkuring nuju paciweuh teu puguh 😀 , kujalaran seueur PR anu kedah rengse sateuacan sasih Desember 2009 ieu se-ep. Kujalaran eta, simkuring teu acan tiasa mosting tulisan deui dina ieu blog. Sakitu we heula bewara ti pribados. Hatur nuhun. Mugia lancar ka sadayana.

Mangga anu bade amengan ka Desa ciburial, di klik we link Desa Ciburial ieu.

Katagori:Sunda | Umum Tag:

TULISAN MUNGGARAN: URANG SUNDA ARAYA ??

19 Januari 2009 2 pairan

Sampurasun, wilujeng sumping pikeun anjeun, anu parantos rurumpaheun linggih ka ieu blog. Ieu teh tulisan munggaran kuring dina ieu blog.

Maksud kuring nyieun ieu blog, teu aya sanes dina enggoning ngeuyeub-ngeuyeub media basa Sunda. Naha kudu dieuyeub-euyeub? Loba pisan alesanana, diantarana bae pikeun ngamumule jeung sarana diajar basa Sunda (hususna pikeun kuring salaku orang Sunda), ngawanohkeun budaya Sunda ka saha bae, boh ka urang Sunda atawa urang non Sunda.

Kualatan ieu blog oge, kuring jadi ”dipaksa” pikeun diajar nulis dina basa Sunda. Eh.. Geuning hese nya..! Aneh, padahal kuring teh urang Sunda, hirup jeung huripna oge (saheunteuna dugi ka danget ayeuna) di tatar Sunda. Tapi, kuring yakin laun-laun kuring bakal bisa, asal kuring daek sabar. Komo deui aya urang Sunda anu jembar pangartina, tur teu lebar ngawur-ngawur pangaweruhna (bidang naon wae) kersa ngawurukan, mapagahan simkuringmah, aduh kacida atohna.

Kuring teh urang Sunda anu kadesek ku kahirupan tur budaya anu teu nyunda. Tapi kuring hayang Sunda tetep aya. Ngan hanjakal elmu pangaweruh simkuring dina hal kasundaan, kacida hengkerna.

Cing tulungan, baraya Sunda di mana wae ayana.

Araya…?

Katagori:Sunda | Umum