Arsip

Posts Tagged ‘hate’

Kaseukeutan Hate Perlu Diasah

Kaseukeutan panon jeung hate perlu di asah. Ngadenge teu make ceuli jeung ninggali teu make panon. Lamun bisa, ngadenge jeung ninggali kabeneran teh make hate. Kaseukeutan hate bakal bisa ngadenge jeung ninggali kebeneran kalayan eces.

Ulah Gancang Ngarasa Sugema

Ulah gancang ngarasa sugema. Sikep ngarasa sugema bakal mendet kamajuan. Komo deui mun ngarasa diri geus cukup mibanda elmu pangaweruh. Lamun sikep eta ngancik bakal kurang meunang asupan anyar. Lamun hate ngabatu jeung pikiran beku, hartina hese meunang pituduh.