Tepas > Sunda | Umum > 5 Poé di Surabaya Ngiringan Rakernas Relawan TIK jeung Festival TIK 2013 #1

5 Poé di Surabaya Ngiringan Rakernas Relawan TIK jeung Festival TIK 2013 #1

image

Angkat ti bumi di Kampung Sekebuluh Desa Ciburial tabuh 18.30 WIB (ba’da Magrib). Nyimpang heula di puncer tanjakan, bari leleson saatos nikreuh nanjak meuntas Jalan Raya Resort Dago Pakar. Di puncer tanjakan ngahaja cicing heula da boga janji, jeung salah saurang rélawan #DeMIT (Desa Melek IT) Desa Ciburial anu nyanggupan mancén tugas. Aya dongeng aheng tur moal bisa dipohokeun di eta puncer, keun we ngan saukur kuring jeung si manehna hungkul nu apal.

Singkatna carita, kuring terus naék ojég ngajugjug Términal Dago rék naék angkot Dago-Stasiun Hall Bandung. Nepi ka Términal Dago hujan ujug-ujug ngagebrét, kapaksa kuring ngiuhan heula sabab angkot nu rék di tumpakan can katémbong aya.

Lila nungguan angkot nu dimaksud karasa keselna, sedengkeun waktu terus nyérélék. Ahirna diputuskeun kusabab bisi katinggaleun karéta kuring naék angkot nu aya heula, nyaéta Dago-Kalapa. Éta angkot Dago-Kalapa téh lumayan pinuh ku panumpang, sugan téh penumpangna nuju arah ka Kalapa, éh kuring salah duga, ternyata penumpang nyasab anu kabablasan ngadeun ka Términal Dago. Kusabab kaayaan hujan anu lumayan badag, supir angkot nyaaheun ka penumpangna, éta penumpang nyasab dianteurkeun heula asup ka jero wewengkon Dago Tea House, lumayan jauh ogé. Hate kuring beuki ratug boa-boa tulus kuring katinggaleun karéta.

Angkot terus maju ka arah Kalapa, éh di Cikapayang muter deui ka Sékéloa ku sabab aya penumpang anu kudu turun di Sékéloa. Kuring ngan saukur bisa pasrah we bari ngado’a.

Bari sms-an jeung babaturan kuring fixed rék turun di parapatan saatos BIP terus naék angkot deui anu ka arah Stasiun. Babaturan Relawan TIK ti Garut jeung ti Cianjur ngamention dina twiter yén maranéhna tos nepi di Stasiun Bandung ti beurang kénéh.

Ahirna kuring nepi di Stasiun Bandung. Culang-cileung néang balad Relawan TIK teu aya tanda-tandana. Nempo jam di stasiun tos nunjukeun jam 19.30. Kuring nga sms no kontak Relawan TIK anu aya, tapi teu aya balesan. Ahirna kuring nelepon kang @rixabdg nanyakeun di lebah mana posisi. Singkat carita Tim Relawan TIK Jabar (5 jelema) panggih, sasalaman, ngumpul, terus ngabring naék Karéta Turangga jurusan Stasiun Bandung -Stasiun Gubeng Surabaya.

—————- nyambung ka bagean #2.

  1. 29 Méi 2013 tabuh 5:42 pm

    Pasti panjang lalakonanana….

  1. No trackbacks yet.

Tunda talatah