Arsip

Posts Tagged ‘Irman Meilandi’

Irman Meilandi: Waktuna Ngawangun Désa

Irman Meilandi

Irman Meilandi

Irman Meilandi (40) henteu kungsi nyangka hasil ngalalana ka sajumlah wewengkon di Indonésia ngamuara dina panyalametan kampung halamanna di Désa Mandalamekar, Kacamatan Jatiwaras, Kabupatén Tasikmalaya, Jawa Barat. Hasilna kacida amis. Désa anu jarakna 40 kilométer ti puseur dayeuh Kabupatén Tasikmalaya éta beuki siap jadi conto pikeun désa séjén di Indonésia.

Kira-kira 10 taun ka tukang, Irman percaya diri ngapromosikeun leuweung Mandalamekar ka baturna anu aktip nyalametkeun owa jawa. Leuweung Pasir Bentang dipiyakin jadi tempat anu pas pikeun ngaleupasliarkeun sato anu ampir punah éta. Dina ingetanna, Pasir Bentang mangrupa imah pikeun rébuan tangkal sarta ratusan cinyusu. Read more…