Arsip

Archive for Januari, 2010

Kaseukeutan Hate Perlu Diasah

Kaseukeutan panon jeung hate perlu di asah. Ngadenge teu make ceuli jeung ninggali teu make panon. Lamun bisa, ngadenge jeung ninggali kabeneran teh make hate. Kaseukeutan hate bakal bisa ngadenge jeung ninggali kebeneran kalayan eces.

Ulah Gancang Ngarasa Sugema

Ulah gancang ngarasa sugema. Sikep ngarasa sugema bakal mendet kamajuan. Komo deui mun ngarasa diri geus cukup mibanda elmu pangaweruh. Lamun sikep eta ngancik bakal kurang meunang asupan anyar. Lamun hate ngabatu jeung pikiran beku, hartina hese meunang pituduh.

3 Ciri Utama Banda Estetik

16 Januari 2010 1 comment

Monroe Beardy nyebutkeun aya 3 ciri utama anu jadi sipat-sipat nyien hade tur endah tina banda-banda estetik. Sacara umum tilu ciri eta, nyaeta:

  1. Unity. Ieu miboga harti yen banda estetik kasusun sacara hade atawa sampurna rupana.
  2. Complexity. Banda estetik atawa karya seni anu dimaksud teu basajan pisan, tapi beunghar ku eusi jeung ku unsur-unsur anu silih lawan sarta miboga parbedaan-parbedaan anu lemes.
  3. Intensity. Hiji banda estetik anu hade kudu miboga kualitas anu munjul jeung lain saukur hiji banda anu kosong. Teu jadi soal kualitas anu diandungna (misalna kaayaan anu surem tur kasar), asal mangrupakeun hiji banda anu intensif tur soson-soson.

Film Sunda (A-Z)

Di handap ieu di daptar sababaraha judul film (film atawa pilem nya ? :D ), anu baris di produksi di tatar Sunda. Eta film-film teh mangrupakeun alih basa tina film-film populer sa alam dunya. Daftar ieu disusun sacara alpabet (A-Z). Kumargi film tangtuna oge baris nambahan, tah kumargi kitu tulisan  ngenaan ieu baris ngalaman dianyarkeun (update). Tah ieu daftar film anu dimaksud:

Read more…

Categories: Sunda | Bodor Tag:,

Download Pupuh Kinanti

Dowload Pupuh Kinanti. Mangga kantun diklik wae linkna. Download Pupuh Kinanti (PDF)

Categories: Download Tag:, ,

Download Pupuh Balakbak

Dowload Pupuh Balakbak. Mangga kantun diklik wae linkna. Download Pupuh Balakbak (PDF)

Categories: Download Tag:, ,

Download Pupuh Sinom

Download Pupuh Sinom. Mangga diklik wae linkna. Dowload Pupuh Sinom (PDF)

Categories: Download Tag:, ,
Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

Join 531 other followers