Kade, Ngadahar Daging Domba Ngaruksak Bumi!
Panalitian ngenaan gas imah kaca ngahasilkeun, yen produksi 2,2 pon daging domba ternyata ngahasilkan 37 pon karbondioksida. Sedengkeun kadaharan sejen sarupaning tomat ngaproduksi 20 pon CO2, kentang 1 pon CO2 tina sewang-sewang 2,2 pon kadaharan.
Domba ngahasilkan karbondioksida dina jumlah gede kusabab ngandung loba metana anu berpotensi nyumbang gas imah kaca. Sapi oge ngabahayakeun kusabab ngahasilkan 35 pon CO2 per 2.2 pon.
Panalitian samemehna nunjukkeun 200 sapi bisa ngahasilkeun emisi metana taunan satara jeung mobil anu nyorang jarak 100.000 mil.
Panalitian eta oge nyimpulkeun, nginum alkohol oge mere kontribusi emisi anu signifikan. “Ngarobah gaya hirup kaasup kadaharan oge jadi elemen konci dina ngurangan emisi karbon, Ceuk David Kennedy, chief executive Committee on Climate Change.
Pairan Énggal